syiir tanpo wathon gus dur (versi sunda) lirik dan download MP3

Berikut ini lirik dan Mp3 syi'ïr tanpo waton gus dur versi sundanya semoga bermanfaat buat kita semua. Amiin

Ya roshulalloh.. salam mun'alaika...
Ya rofi'asyaani waddaarojii....
'Athfataiyajii rotal'alaami...
Ya Uuhailaljudi walkaromi.....2X

Ngawitan abdi maos syi’iran
Kalawan muji Gusti Pangeran
Dzat nu maparin rahmat kanikmatan
Siang jeung wengi teu itung-itungan 2x

Duh dulur-dulur ka sadayana

Ulah mung ngaji wungkul syare’atna
Kur pinter dongeng, nulis jeung maca
Akhirna hungkul meunang sangsara 2x

Loba nu apal Qur’an jeung hadist
Seneng ngafirkeun jalma liana
Kafir sorangan teu dipalire
Padahal masih kotor hatena 2x

Gampang kabujuk nafsu angkara
Dina hiasan gebyarna dunya
Iri jeung dengki beunghar tatangga
Jadi atina poek jeung nista 2x

Yu dulur-dulur ulah mopohokeun
Wajib ngaji jeung kana ningkatkeuna
Pikeun ngandelkeun iman tauhidna
Saena bekel mulya maotna 2x

Jalma nu shaleh sae atina
Margi sampurna kaelmuanana
Ngangge thoriqot sareng ma’rifatna
Dugi hakekat leubet manahna2x

Al-Qur’an qodim wahyu nu mulya
Henteu ditulis bisa dibaca
Eta wejangan guru waskita
Ditancepkeun dina jero dada 2x

Nempelna ati rejeung pikiran
Asupna badan kabeh jeroan
Mu’jizat Rasul jadi pedoman
Minangka jalan leubetna iman 2x

Kalawan Allah nu Maha Suci
Masrahkeun diri siang jeung wengi
Di tirakatan di riyadhohan
Dzikir jeung suluk ulah di pohokeun 2x

Hirupna tengtrem ngarasa aman
Etateh tanda jalma nu iman
Sabar narima najan pas-pasan
Sadaya takdir ti Gusti Pangeran 2x

Ka dulur, batur rejeung tatangga
Kudu rarukun ulah pasea
Etateh sunnah Rasul nu mulya
Nabi Muhammad panutan urang 2x

Yu ngalakonan, sakabehanana
Allah bakal ngangkat darajatna
Sanajan handap derajat lahirna
Tapi mulya mungguh Allah ta’ala 2x

Mun timang mangsa, dina akhirna
Moal kasasar roh jeung sukmana
Di puji Allah sorga tempatna
Weteuh mayitna oge kafana 2x


Postingan terkait:

Belum ada tanggapan untuk "syiir tanpo wathon gus dur (versi sunda) lirik dan download MP3"

Posting Komentar